Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^
http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw
[Rahwana]
Eeeeee..
banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot
anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss..
I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?)
Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan
gampil bendu mun kasinggung perasaan
tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos
cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?)
Ait... ciahahahaha.....
Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak
tibelat,
Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis
aduh tobat geuliiis....
Iyaaaahhhhhhh hahahahah....
Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
[Banondari]
Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e'
gagah sakti ae!)
Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga,
engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai)
Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang
waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag
bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....)
Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut
kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?)
[Rahwana]
Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu,
lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati,
cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis...
Iyaaa hahahaha.....
Cinta engkang dijamin moal rek luntur
Cintaku hanya untukmu (masa sih?)
Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten
golondongan.
kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali)
Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara
ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris
Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka
kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang
Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha...
Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
[Banondari]
Engkaaang....(Akang nyai?)
Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari
ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?)
Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi,
atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang.
Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun
ku rupiah cu?)
Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot
mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran,
Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..)
opensubscriber is not affiliated with the authors of this message nor responsible for its content.