opensubscriber
   Find in this group all groups
 
Unknown more information…

u : urangsunda@yahoogroups.com 26 October 2011 • 12:34PM -0400

Re: [Urang Sunda] (4s) kado milangkala nini
by Ki Hasan

REPLY TO AUTHOR
 
REPLY TO GROUP




Enya, sabenerna mah, isu nyandung lain ngan ukur aya dina kahirupan urang
Sunda.
Nu katitenan, urang Banjar di Borneo oge boga isu nu sarua. Sok kadenge dina
obrolan, ceuk maranehna cenah urang Banjar resep nyandung. Kitu deui urang
Malayu nu hirup di Semenanjung Malay, boga isu nu teu beda. Sok kaobrolkeun,
majar cenah urang Malayu resep nyandung.

Boa-boa urang mah ukur boga wacana hungkul, urusan nyandung teh. Nu
praktekna mah batur. Hahaha. Uing boga kawawuhan, wanoja Sunda nu
dipangnyandungkeun ku urang Minang.

2011/10/26 mang jamal <jamal@iten...>

> **
>
>
> Us nu nyandung teu loba. Sigana mun disurvey ngan nol koma nol tilu haha.
>
> Sacara kosmologis mah us pada ngahormat istri. Dina wawacan atawa carita
> pantun, tokoh pangluhurna di unggal carita teh sunan ambu-istri, lain dewa
> lalaki. Penghormatan kitu sanajan rupana beda, dibuktikeun di
> kusnet-nyandung ngan ukur bahan gogonjakan. Da papada "sieun" ku indung
> budak. Sieun nu hade: sieun nganyerikeun hatena
> Amin
>
> Powered by du'a indung bapa
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <khs579@gmai...>
> *Sender: * urangsunda@yaho...
> *Date: *Wed, 26 Oct 2011 12:02:44 +0800
> *To: *<urangsunda@yaho...>
> *ReplyTo: * urangsunda@yaho...
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] (4s) kado milangkala nini
>
> Tenang, Teh Elly, eta mah selingan we, ngarah teu tiiseun
> Sok geura imbangan ku soara para wanoja
>
> 2011/10/26 eli_jamilah@yaho... <eli_jamilah@yaho...>
>
>> **
>>
>>
>> Sababaraha dinten ayeuna, hareureuyna 'gender' pisan; ti perkara nyandung
>> dugika 4S ieu. Milis khusus brotherhood of man nya?
>>
>> -----Pesan Asli-----
>> Dari: mj
>> Terkirim: 26-10-2011 08.47.58
>> Subjek: [Urang Sunda] (4s) kado milangkala nini
>>
>>
>> Si nini isuk milangkala nu ka 75. Si aki teu tisasari boga niat rek mere
>> kado. Indit ka kota.
>> Sapanjang jalan mikir naon pikadoeun. Kumaha mun beha bae?. Tuluy nyimpang
>> ka toko.
>> "Cik koh, aki meuli beha jang si nini. Bungkus sing hade da pikeun kado."
>> Si
>> engkoh nenjo aki bari kerung.
>> "Ukuran behana nomor sabaraha ki?"
>> Aki ngahuleung."Teu apal koh. Geus lila teu pangmileukeun beha si nini
>> teh."
>> Si engkoh surti."Aya sagede jeruk bali?"
>> "His, gede teuing."
>> "Sagede jeruk garut, sugan?"
>> Aki kerung."Asa gede teuing keneh."
>> Si engkoh keom." Sagede endog meri?"
>> "Tah enya bener. sagede endog meri,"cek si aki bari unggut."Tapi meunang
>> ngadadar... "
>>
>> (munggaran diceburkeun ka kusnet ku wa sasmita)
>>
>>
>  
>

Bookmark with:

Delicious   Digg   reddit   Facebook   StumbleUpon

Related Messages

opensubscriber is not affiliated with the authors of this message nor responsible for its content.