Si nini isuk milangkala nu ka 75. Si aki teu tisasari boga niat rek mere
kado. Indit ka kota.
Sapanjang jalan mikir naon pikadoeun. Kumaha mun beha bae?. Tuluy nyimpang
ka toko.
"Cik koh, aki meuli beha jang si nini. Bungkus sing hade da pikeun kado." Si
engkoh nenjo aki bari kerung.
"Ukuran behana nomor sabaraha ki?"
Aki ngahuleung."Teu apal koh. Geus lila teu pangmileukeun beha si nini teh."
Si engkoh surti."Aya sagede jeruk bali?"
"His, gede teuing."
"Sagede jeruk garut, sugan?"
Aki kerung."Asa gede teuing keneh."
Si engkoh keom." Sagede endog meri?"
"Tah enya bener. sagede endog meri,"cek si aki bari unggut."Tapi meunang
ngadadar... "