hehehe
--- In
Baraya_Sunda@yaho..., "Remi" <rsyaifoel@...> wrote:
>
> Pernah nyobaan mere jawaban Kang?
>
> He he he... pernah sakali dijawab. Kalah nambah kalap indung teh. Jawaban teh kieu: 'Anak Mang Sardi meureun!'. Mang Sardi teh nu sok ngabantuan ngebon...
>
> Indung teh mani buncelik!:)) Deregdeg weh lumpat.
>
> Lain... sigana mah anu jadi indung teh sakti. Da sok kabeneran kadenge oge nyarekan pangeran.
>
> Kieu cenah: "Gustiiiiii... maneh teh ku bangkawarah nya? ". Asa can pernah ngadenge Bapa nyarekan Pangeran! Borangan lalaki mah siga na teh nya? ;))
>
> --- In
Baraya_Sunda@yaho..., Ki Hasan <khs579@> wrote:
> >
> > Leuheung tah. Bakat ku jengkel mah, indung teh sok nepi ka ngajorowok kieu:
> > Gustiiiiiiiii, na ari sia anak sahaaaaa? Ku badeur, badeur teuing! Hehehe
> >
> >
> > 2011/10/24 Remi <rsyaifoel@>
> >
> > > He he he... bener oge Kang tah! Pangeran mah aya di mana2 geuning nya? :))
> > >
> > > Ceuk indung kuring mah, Pangeran teh geuning bangor. Mun kuring basa keur
> > > leutik teu puguh gawe, pan indung kuring sok ngajorowok: Gustiiiii... na
> > > maneh teh mani ku bangor2 teuing atuh! ;))
> > >
> > >
> > >
> > > --- In
Baraya_Sunda@yaho..., "aahsa@" <ahmadsahidin@> wrote:
> > > >
> > > >
> > > > Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo
> > > lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad lain
> > > letah, tapi akidah. Harita keur ngabahas bag-bagan Kapangeranan.
> > > >
> > > > Ajengan, "Iing, apal henteu Pangeran linggihna dimana?"
> > > >
> > > > Waler Iing, "Pangeran mah teu peryogi tempat, pon kitu henteu kawengku ku
> > > waktu!"
> > > >
> > > > Pertanyaan pindah ka Wildan, "Wildan, naon ari nu disebut Arasy?"
> > > >
> > > > "Arasy mah ciciren tina kakawasaan pangeran, sanes tempat andegleng-Na
> > > Mama," Jawab Aceng Wildan mantep malum manehna mah samemehna oge pernah
> > > ngastrol di Karasaksari.
> > > >
> > > > Keur ragot ngadiskusikeun dimananya Pangeran torojol Ade Sopwan Mulek
> > > datang kabeurangan, ngos-ngosan bari buukna rancucut. Manehna mah santri
> > > kalong.
> > > >
> > > > Mama Ajengan teu mere omber ka nu hahehoh, langsung ditanya, "De, di mana
> > > Pangeran?"
> > > >
> > > > Si Ade teu euleum-euleum langsung ngajawab, "Di jamban Mama!"
> > > >
> > > > Sararea alistigfar bari kerung, na hatena noroweco ti iraha si Ade pindah
> > > kana ajaran mikung? Ngan Mama Ajengan anu katingali kalem. Pokna naros deui,
> > > "Naha di WC, De?"
> > > >
> > > > Barabat Jang Ade nepikeun alesanna, "Mama tadi teh waktos abdi nuju ibak
> > > di jamban, puguh kasiangan. Ema sami deuih kasiangan katambih anjeuna mah
> > > kedah enggal-enggal ka sakola. Ningal abdi lami di jamban, Ema ngagugudrag
> > > panto jamban bari nyarios "Gustiiiii, di WC teh lila teuing. Burukeun, Ema
> > > rek mandi!" (asep salahudin)
> > > >
> > > > ***
> > > >
> > > > Etnografi Humor Pasantren II/Majalah Cakakak/No. 9/September 2010
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > ------------------------------------
> > >
> > >
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
> > >
> > >
> > > [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
opensubscriber is not affiliated with the authors of this message nor responsible for its content.