opensubscriber
   Find in this group all groups
 
Unknown more information…

b : baraya_sunda@yahoogroups.com 24 October 2011 • 4:35PM -0400

Re: [Baraya_Sunda] Re: Pangeran aya di Jamban
by Ki Hasan

REPLY TO AUTHOR
 
REPLY TO GROUP




Leuheung tah. Bakat ku jengkel mah, indung teh sok nepi ka ngajorowok kieu:
Gustiiiiiiiii, na ari sia anak sahaaaaa? Ku badeur, badeur teuing! Hehehe


2011/10/24 Remi <rsyaifoel@yaho...>

> He he he... bener oge Kang tah! Pangeran mah aya di mana2 geuning nya? :))
>
> Ceuk indung kuring mah, Pangeran teh geuning bangor. Mun kuring basa keur
> leutik teu puguh gawe, pan indung kuring sok ngajorowok: Gustiiiii... na
> maneh teh mani ku bangor2 teuing atuh! ;))
>
>
>
> --- In Baraya_Sunda@yaho..., "aahsa@..." <ahmadsahidin@...> wrote:
> >
> >
> > Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo
> lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad lain
> letah, tapi akidah. Harita keur ngabahas bag-bagan Kapangeranan.
> >
> > Ajengan, "Iing, apal henteu Pangeran linggihna dimana?"
> >
> > Waler Iing, "Pangeran mah teu peryogi tempat, pon kitu henteu kawengku ku
> waktu!"
> >
> > Pertanyaan pindah ka Wildan, "Wildan, naon ari nu disebut Arasy?"
> >
> > "Arasy mah ciciren tina kakawasaan pangeran, sanes tempat andegleng-Na
> Mama," Jawab Aceng Wildan mantep malum manehna mah samemehna oge pernah
> ngastrol di Karasaksari.
> >
> > Keur ragot ngadiskusikeun dimananya Pangeran torojol Ade Sopwan Mulek
> datang kabeurangan, ngos-ngosan bari buukna rancucut. Manehna mah santri
> kalong.
> >
> > Mama Ajengan teu mere omber ka nu hahehoh, langsung ditanya, "De, di mana
> Pangeran?"
> >
> > Si Ade teu euleum-euleum langsung ngajawab, "Di jamban Mama!"
> >
> > Sararea alistigfar bari kerung, na hatena noroweco ti iraha si Ade pindah
> kana ajaran mikung? Ngan Mama Ajengan anu katingali kalem. Pokna naros deui,
> "Naha di WC, De?"
> >
> > Barabat  Jang Ade nepikeun alesanna, "Mama tadi teh waktos abdi nuju ibak
> di jamban, puguh kasiangan. Ema sami deuih kasiangan katambih anjeuna mah
> kedah enggal-enggal ka sakola. Ningal abdi lami di jamban, Ema ngagugudrag
> panto jamban bari nyarios "Gustiiiii, di  WC teh lila teuing. Burukeun, Ema
> rek mandi!" (asep salahudin)
> >
> > ***
> >
> > Etnografi Humor Pasantren II/Majalah Cakakak/No. 9/September 2010
> >
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Bookmark with:

Delicious   Digg   reddit   Facebook   StumbleUpon

Related Messages

opensubscriber is not affiliated with the authors of this message nor responsible for its content.