He he he... bener oge Kang tah! Pangeran mah aya di mana2 geuning nya? :))
Ceuk indung kuring mah, Pangeran teh geuning bangor. Mun kuring basa keur leutik teu puguh gawe, pan indung kuring sok ngajorowok: Gustiiiii... na maneh teh mani ku bangor2 teuing atuh! ;))
--- In
Baraya_Sunda@yaho..., "aahsa@..." <ahmadsahidin@...> wrote:
>
>
> Pentingna ngaji tepat waktu teh meureun sangkan henteu saliwang sok komo lamun nu diajina ilmu taohid. Salah saeutik oge apan anu tikosewad lain letah, tapi akidah. Harita keur ngabahas bag-bagan Kapangeranan.
>
> Ajengan, "Iing, apal henteu Pangeran linggihna dimana?"
>
> Waler Iing, "Pangeran mah teu peryogi tempat, pon kitu henteu kawengku ku waktu!"
>
> Pertanyaan pindah ka Wildan, "Wildan, naon ari nu disebut Arasy?"
>
> "Arasy mah ciciren tina kakawasaan pangeran, sanes tempat andegleng-Na Mama," Jawab Aceng Wildan mantep malum manehna mah samemehna oge pernah ngastrol di Karasaksari.
>
> Keur ragot ngadiskusikeun dimananya Pangeran torojol Ade Sopwan Mulek datang kabeurangan, ngos-ngosan bari buukna rancucut. Manehna mah santri kalong.
>
> Mama Ajengan teu mere omber ka nu hahehoh, langsung ditanya, "De, di mana Pangeran?"
>
> Si Ade teu euleum-euleum langsung ngajawab, "Di jamban Mama!"
>
> Sararea alistigfar bari kerung, na hatena noroweco ti iraha si Ade pindah kana ajaran mikung? Ngan Mama Ajengan anu katingali kalem. Pokna naros deui, "Naha di WC, De?"
>
> Barabat Jang Ade nepikeun alesanna, "Mama tadi teh waktos abdi nuju ibak di jamban, puguh kasiangan. Ema sami deuih kasiangan katambih anjeuna mah kedah enggal-enggal ka sakola. Ningal abdi lami di jamban, Ema ngagugudrag panto jamban bari nyarios "Gustiiiii, di WC teh lila teuing. Burukeun, Ema rek mandi!" (asep salahudin)
>
> ***
>
> Etnografi Humor Pasantren II/Majalah Cakakak/No. 9/September 2010
>
opensubscriber is not affiliated with the authors of this message nor responsible for its content.